Kamis, 19 Juni 2014

SHAUM JEUNG KAADILAN


SHAUM JEUNG KAADILAN
اَلسَّلآمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
اَللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ, َاللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ, َاللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ,لآاِلَهَ اِلآاللهُ اَللهُ اَكْبَرُ ! اَللهُ اَكْبَرُ وَللهِ الْحَمْدُ !
اَلْحَمْدُللهِ اَمَرَنَا بِاَنْ نُقْيِمَ الاِجْتِمَاعَ وَالاِتِّحَادَ وَالتَّوَدُّدَبَيْنَ الْعِبَادِ. اَشْهَدُ اَنْ لآاِلَهَ الآّللهَ وَحْدَهُ لآشَرِيْكَ لَهُ الَّذِي اَخْبَرَنَابِيَوْمِ الْمَحَادِ. وَاَشْهَدُاَنَّ  مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ خَيْرُالْعِبَادِ. صَلَّى اللهُ وَسَلَمَ عَلَيْهِ وَاَلِهِ وَاَصْحَابِهِ صَلآةً وَسَلآمً دَئِمَيْنِ مُتَلآدِمَيْنِ اِلَى يَوْمِ الْخُلُوْدِ. {اَمَّابَعْدُ} فَقَالَ تَعَالَى اَعُوْذُبِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ : قَدْ اَفْلَحَ مَنْ تَزَكَّى وَذَكَرَاسْمَ رَبِّهِ فَصَلَّى . صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمِ.

                Allohu Akbar (9X)  Wa lillahil Hamd!
            Hadirin jamaah ‘Idul Fitri anu mulya!
            Saba’da urang rēngsē ngalaksanakeun ibadah shaum sabulan campleng, kalayan kebek ku kaharepan, mugia ditampi ku Alloh SWT. nepi ka jadi wasilah pikeun ngahontal ridlo katut magfiroh Mantenna.
            Sok sanajan shaum tēh ku urang dilakonan dina jero sabulan, nu lamina aya kalana 29 atawa 30 poē, tapi buah sareng mangpaatna, mugia bisa kaala jeung karasa ku urang sadaya dina mangsa sataun kahareup, malah salila urang masih hirup di alam dunya. Margi Alloh SWT. ngawajibkeun shaum ka jalma-jalma anu airman, ieu tēh sangkan jadi jalma-jalma anu takwa. Tangtuna ogē lain ukur sabulaneun, dina bulan Romadlon hungkul, tapi kudu manjang satangtung urang hirup. Buah tina ibadah shaum tēh kudu katara jeung karasa salila urang kumalendang di ieu alam, jeung diteruskeun nepi ka ahērat jaga, nepi ka dimana urang paamprok jeung pangēran tēh aya dina kaayaan Alloh ridlo ka urang jeung urang ridlo ka Alloh SWT.
            Allohu Akbar (9X)  Wa lillahil Hamd!
            Hadirin jamaah ‘Idul Fitri anu mulya!
            Kitu deui, buah tina ibadah shaum ogē lain keur soranganeun wungkul, tapi ogē kudu bisa ngalahirkeun ajēnan sosial nu karasa ni’mat jeung mangpaatna tēh lain pikeun diri urang sorangan tapi ogē keur balarēa, nu jadi anggota kulawarga jeung masarakat. Lamun di pamingpin, mangpaat jeung hikmah shaum tēh bisa katingali jeung karasa ku rahayat dina hambalan nu lega ku mangrupa kasalametan jeung karaharjaan nu walatra. Mun keur nu jadi bawahan atawa rahayat, kudu tēmbong dina kataatan jeung kapatuhan nu satia ka nu jadi pamingpin. Pikeun nu beunghar, anu dititipan harta pakaya nu loba, bakal katara jeung karasa bēbērēhanana ka nu butuh. Keur jalma-jalma anu loba pangabutuh, bakal katingali tina sikep handap asor jeung getol, ogē satia kana pancēnna anu aya dina pundakna. Keur hiji padagang, manēhna bakal ati-ati dina urusan jual meuli. Moal wani ngajual ku timbangan anu hampang, ari meuli ku timbangan anu beurat. Cohagna mah buah tina shaum tēh nyaēta ku ayana parobahan tina nu gorēng ka anu hadē, tina nu taya mangpaatna kana anu gedē mangpaatna.
            Anu disebut alus jeung benerna ibadah, lain ditingali tina cara jeung tempatna oge waktuna wungkul, tapi jeung benerna ibadah, ogē bisa ditingali tina buahna kahirupan sapopoē. Sok sanajan carana merenah nurutkeun sunnah, ari buah jeung hikmahna teu karasa ngenah mah, nya ēta ibadah tēh can karuhan ditampi ku Alloh SWT.
            Saperti anu diterangkeun dina hiji riwayat, aya hiji awewe anu getol sholatna, getol shaumna, geus puguhning anu fardluna, dalah nu sunatna ogē ēstu teu aya anu kaliwat. Siti Aisyah istri Kangjeng Rosul meunteun ka awēwē tēh jadi pangeusi sawarga. Demi manēhna getol dina ibadahna ka Alloh. Tapi numutkeun Kangjeng Rosul SAW. ēta awēwē tēh bakal jadi pangeusi naraka, lain pangeusi sawarga. Siti Aisyah kagēt nampi bēwara ti Kangjeng Rosul nu sabalikna tēh, dugi ditaroskeun ka Roslululloh nu jadi alesanana. Rosul ngawaler, yēn ēta awēwē tēh sok sanajan getol ibadah mahdloh, tapi manēhna loba nganyerikeun atawa ngaganggu nu jadi tatanggana.
            Ieu nētēlakeun yēn sholat anu getol dilakukeun ku ēta awēwē, ukur merhatikeun kana cara, tempat jeung waktuna wungkul. Manēhna teu merhatikeunkana hikmah jeung mangpaatna tina ēta sholat. Nyaēta akhlak nu hadē jeung mulya ka nu jadi tatanggana, nu jadi batur hirup sapopoē.
            Hadirin jamaah ‘Idul Fitri anu mulya!    
            Dina hdits anu diriwayatkeun ku Imam Bukhori sareng Imam Muslim, anu katampi ti sohabat Amr bin Ash, Rosululloh SAW. ngadawuh :
اَرْبَعٌ مَنْ كُنَّ فِيْهِ كَانَ مُنَافِقًا خَالِصًاوَمَنْ كَانَتْ فِيْهِ خَصْلَةٌ مِنْهُنَّ كَانَ فِيْهِ شُعْبَةٌ مِنَ النِّفَاقِ حَتَّى يَدَعَهَا اِذَاحَدَثَ كََذَّبَ وَاِذَاائْتُمِنَ خَانَ وَاِذَاعَهَدَغَـدَرَوَاِذَاخَاصَمَ فَجَرَ, وَاِنْ صَامَ وَصَلَّى وَزَعَـمَ اَنَّهُ مُسْلِمٌُ. {رواه البخارومسلم}
            Aya opat perkara, sing saha jalma anu kakeunaan ku opat perkara ieu, manēhna geus jadi jalma munapēk tulen. Atawa sing saha anu kaancikan tina salah sahiji tina perkara anu opat ēta, manēhna geus aya dina cabang kamunapēkan, nepi ka manēhna bisa ninggalkeunna. Nyaēta lamun nyarita sok bohong, lamun diamanatan sok hianat, lamun jangji sok jalir, jeung lamun pasēa sok licik. Kajen teuing manehna sok shaum, sok sholat, ogē dina dirina ngaku muslim.
            Dina hadits nembē, ku urang tiasa kapaham, yēn alusna ibadah, boh shaum, boh sholat jeung ibadah-ibadah sējēnna, tiasa ditingali tina buahna, anu bisa katingali jeung karasa dina nalika geus campur gaul hirup babarengan jeung papada makhluk. Sok sanajan alus cara sholatna ogē shaumna nurutkeun Kangjeng Nabi SAW., tur merenah jeung sēhat tempatna, tapi lamun buahna teu katingali ogē teu karasa ku balarēa, ibadah anu kitu teu kaasup abadah anu hadē. Hiji jalma sok sanajan getol sholat, getol shaum, jeung dina dirina ngaku muslim, tapi lamun dina hirup kumbuhna masih resep nipu, ngabobodo, hianat lamun diamantan, jalir mun jangji, oge licik mun pacēngkadan atawa dina pertandingan, geus pasti jalma anu kitu mah lain  muslim tapi munapēk, sok sanajan munapēk amali.
            Dina hadits sejen, nu aya pakaitna jeung urusan shaum, Kangjeng Rosululloh SAW. sasauran :
مَنْ لَمْ يَدَعْ قََوْلَ الزُّوْرِ وَالْعَمَلَ بِهِ فَلَيْسَ للهِ حَاجَةٌ فِى اَنْ يَّدَعَ طَعَامَهُ وَشَرَبَهُ.   {رواه ابن ماجه}
Sing saha jalma anu teu bisa ngadalikeun dirina tina ngomong jorok jeung cawokah sarta laku lampah gorēng, nya teu aya kapentingan Alloh pikeun mērē ganjaran ka ēta jalma, sok sanajan manēhna ninggalkeun dahareun jeung inumeun (shaum).
            Hadirin jamaah ‘Idul Fitri anu mulya!
            Pikeun ngukur bener jeung hapana shaum ogē ibadah-ibadah sējēna  nu ku urang dilakonan, tiasa ku urang diperhatikeun hasilna tina kahirupan urang di masarakat. Margi ibadah anu disebut ibadah mahdloh, hubungan urang salaku abdi sareng Alloh salaku kholiq. Anu dicontoan ku Kangjeng Rosul ēta ngandung daya pikeun ngagedurkeun revolusi sosial. Ngandung kakuatan pikeun ngarobah alam jahiliyah jadi Islam, alam kajumudan jadi alam kacerdasan, kama’siatan jadi kamaslahatan, kasalahan jadi kasolehan. Lamun di masarakat urang masih kēnēh ngajungkiring tempat-tampat ma’siat, tempat ngadu, tempat lacur, pabrik inuman keras, korupsi masih ngahabu, pembunuhan mungkin maceuh, ēta nētēlakeun yēn buah tina ibadah tēh masih kēnēh jauh tina anu dipiharep.
            Allohu Akbar (9X)  Wa lillahil Hamd!
Hadirin jamaah ‘Idul Fitri anu mulya!
Husus pikeun ibadah shaum, Alloh SWT. nguningakeun udaganana nyaēta sangkan jadi jalma-jalma anu airman, jadi jalma anu takwa, la’allakum tataquun. Mēmang dina bulan Romadlon, suasana katakwaan katara jeung karasa ku urang sadayana. Jalma nu keur nglaksanakeun ibadah shaum mampuh nahan dirina tina sagala amal nu diharamkeun ku Alloh SWT.
Sawangsulna maksakeun diri pikeun ngalakonan sagala rupa nu diparēntahkeun ku Alloh katut Rosul-Na. masjid-masjid ma’mur, pinuh ku jamaah sholat tarawēh, dina waktu sahur jeung subuh rēang nu ngaraji al Qur’an tarik tur harus makē lawong, kotak amal pinuh ku duit tina nu sodakoh jeung infak, artis-artis ogē nurutan mērē ceramah agama.
Dina radio, tivi padet ku acara ceramah agama. Ēta kabēh, teu bisa ditampik, ngarupakeung suasana katakwaan. Tapi suasana katakwaan anu diharepkeun ku Alloh SWT. tangtu ogē lain ukur sabulan campleng dina bulan Romadlon wungkul, tapi kudu maneuh salilana, salila urang masih kēnēh hirup di alam dunya.
 Hadirin jamaah ‘Idul Fitri anu mulya!
Kaayaan saba’da bulan Romadlon leuwih solēh jeung leuwih bageur layakna jalma anu tos dilatih kasolēhan sabulan lamina. Omat ulah aya basa “Jiga kuda bijil ti gedogan”, tegesna beres puasa kabiasaan gorēng dipaju deui bahkan leuwih meuweuh, kana ibadah mēlēdrē deui. Sikap kitu tēh teu ngēbrēhkeun kaberhasilan latihan ibadah jeung latihan takwa dina bulan Romadlon.
Hadirin jamaah ‘Idul Fitri anu mulya!
Mudah-mudahan saba’da Bulan Romadlon rēngsē nganteurkeun urang sadaya kana dipaparianan taufik, hidayah ti Alloh SWT., tiasa ngaronjatkeun kaimanan jeung katakwaan urang sadaya. Ogē mudah-mudahan urang sadaya kaasup jalma anu bener-bener balik kana fitrah asli, ngajadi teu biga dosa ka Alloh nu Maha Suci, ka papada jalma, jeung ka papada makhluk Gusti.
آمِيْنْ يَارَبَّ الْعَالَمِيْنَ
بَرَكَ اللهُ لِىْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اَلاَحْيَاءِمِنْهُمْ وَالاَمْوَاتِ بِرَحْمَتٍكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْن    
وَالسَّلآمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ

Tidak ada komentar:

Posting Komentar