SHAUM JEUNG KAADILAN
اَلسَّلآمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
اَللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ
اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ, َاللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ, َاللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ
اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ,لآاِلَهَ اِلآاللهُ اَللهُ اَكْبَرُ !
اَللهُ اَكْبَرُ وَللهِ الْحَمْدُ !
اَلْحَمْدُللهِ اَمَرَنَا بِاَنْ نُقْيِمَ الاِجْتِمَاعَ وَالاِتِّحَادَ وَالتَّوَدُّدَبَيْنَ الْعِبَادِ. اَشْهَدُ اَنْ لآاِلَهَ الآّللهَ وَحْدَهُ لآشَرِيْكَ لَهُ الَّذِي اَخْبَرَنَابِيَوْمِ الْمَحَادِ. وَاَشْهَدُاَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ خَيْرُالْعِبَادِ. صَلَّى اللهُ وَسَلَمَ عَلَيْهِ وَاَلِهِ وَاَصْحَابِهِ صَلآةً وَسَلآمً دَئِمَيْنِ مُتَلآدِمَيْنِ اِلَى يَوْمِ الْخُلُوْدِ. {اَمَّابَعْدُ} فَقَالَ تَعَالَى اَعُوْذُبِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ : قَدْ اَفْلَحَ مَنْ تَزَكَّى وَذَكَرَاسْمَ رَبِّهِ فَصَلَّى . صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمِ.
اَلْحَمْدُللهِ اَمَرَنَا بِاَنْ نُقْيِمَ الاِجْتِمَاعَ وَالاِتِّحَادَ وَالتَّوَدُّدَبَيْنَ الْعِبَادِ. اَشْهَدُ اَنْ لآاِلَهَ الآّللهَ وَحْدَهُ لآشَرِيْكَ لَهُ الَّذِي اَخْبَرَنَابِيَوْمِ الْمَحَادِ. وَاَشْهَدُاَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ خَيْرُالْعِبَادِ. صَلَّى اللهُ وَسَلَمَ عَلَيْهِ وَاَلِهِ وَاَصْحَابِهِ صَلآةً وَسَلآمً دَئِمَيْنِ مُتَلآدِمَيْنِ اِلَى يَوْمِ الْخُلُوْدِ. {اَمَّابَعْدُ} فَقَالَ تَعَالَى اَعُوْذُبِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ : قَدْ اَفْلَحَ مَنْ تَزَكَّى وَذَكَرَاسْمَ رَبِّهِ فَصَلَّى . صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمِ.
Allohu Akbar (9X) Wa
lillahil Hamd!
Hadirin
jamaah ‘Idul Fitri anu mulya!
Saba’da
urang rēngsē ngalaksanakeun ibadah shaum sabulan campleng, kalayan kebek ku
kaharepan, mugia ditampi ku Alloh SWT. nepi ka jadi wasilah pikeun ngahontal
ridlo katut magfiroh Mantenna.
Sok
sanajan shaum tēh ku urang dilakonan dina jero sabulan, nu lamina aya kalana 29
atawa 30 poē, tapi buah sareng mangpaatna, mugia bisa kaala jeung karasa ku
urang sadaya dina mangsa sataun kahareup, malah salila urang masih hirup di
alam dunya. Margi Alloh SWT. ngawajibkeun shaum ka jalma-jalma anu airman, ieu
tēh sangkan jadi jalma-jalma anu takwa. Tangtuna ogē lain ukur sabulaneun, dina
bulan Romadlon hungkul, tapi kudu manjang satangtung urang hirup. Buah tina
ibadah shaum tēh kudu katara jeung karasa salila urang kumalendang di ieu alam,
jeung diteruskeun nepi ka ahērat jaga, nepi ka dimana urang paamprok jeung
pangēran tēh aya dina kaayaan Alloh ridlo ka urang jeung urang ridlo ka Alloh
SWT.
Allohu
Akbar (9X) Wa lillahil Hamd!
Hadirin
jamaah ‘Idul Fitri anu mulya!
Kitu
deui, buah tina ibadah shaum ogē lain keur soranganeun wungkul, tapi ogē kudu
bisa ngalahirkeun ajēnan sosial nu karasa ni’mat jeung mangpaatna tēh lain
pikeun diri urang sorangan tapi ogē keur balarēa, nu jadi anggota kulawarga
jeung masarakat. Lamun di pamingpin, mangpaat jeung hikmah shaum tēh bisa
katingali jeung karasa ku rahayat dina hambalan nu lega ku mangrupa kasalametan
jeung karaharjaan nu walatra. Mun keur nu jadi bawahan atawa rahayat, kudu
tēmbong dina kataatan jeung kapatuhan nu satia ka nu jadi pamingpin. Pikeun nu
beunghar, anu dititipan harta pakaya nu loba, bakal katara jeung karasa
bēbērēhanana ka nu butuh. Keur jalma-jalma anu loba pangabutuh, bakal katingali
tina sikep handap asor jeung getol, ogē satia kana pancēnna anu aya dina
pundakna. Keur hiji padagang, manēhna bakal ati-ati dina urusan jual meuli.
Moal wani ngajual ku timbangan anu hampang, ari meuli ku timbangan anu beurat.
Cohagna mah buah tina shaum tēh nyaēta ku ayana parobahan tina nu gorēng ka anu
hadē, tina nu taya mangpaatna kana anu gedē mangpaatna.
Anu
disebut alus jeung benerna ibadah, lain ditingali tina cara jeung tempatna oge
waktuna wungkul, tapi jeung benerna ibadah, ogē bisa ditingali tina buahna
kahirupan sapopoē. Sok sanajan carana merenah nurutkeun sunnah, ari buah jeung
hikmahna teu karasa ngenah mah, nya ēta ibadah tēh can karuhan ditampi ku Alloh
SWT.
Saperti
anu diterangkeun dina hiji riwayat, aya hiji awewe anu getol sholatna, getol
shaumna, geus puguhning anu fardluna, dalah nu sunatna ogē ēstu teu aya anu
kaliwat. Siti Aisyah istri Kangjeng Rosul meunteun ka awēwē tēh jadi pangeusi
sawarga. Demi manēhna getol dina ibadahna ka Alloh. Tapi numutkeun Kangjeng
Rosul SAW. ēta awēwē tēh bakal jadi pangeusi naraka, lain pangeusi sawarga.
Siti Aisyah kagēt nampi bēwara ti Kangjeng Rosul nu sabalikna tēh, dugi ditaroskeun
ka Roslululloh nu jadi alesanana. Rosul ngawaler, yēn ēta awēwē tēh sok sanajan
getol ibadah mahdloh, tapi manēhna loba nganyerikeun atawa ngaganggu nu jadi
tatanggana.
Ieu
nētēlakeun yēn sholat anu getol dilakukeun ku ēta awēwē, ukur merhatikeun kana
cara, tempat jeung waktuna wungkul. Manēhna teu merhatikeunkana hikmah jeung
mangpaatna tina ēta sholat. Nyaēta akhlak nu hadē jeung mulya ka nu jadi
tatanggana, nu jadi batur hirup sapopoē.
Hadirin
jamaah ‘Idul Fitri anu mulya!
Dina
hdits anu diriwayatkeun ku Imam Bukhori sareng Imam Muslim, anu katampi ti
sohabat Amr bin Ash, Rosululloh SAW. ngadawuh :
اَرْبَعٌ
مَنْ كُنَّ فِيْهِ كَانَ مُنَافِقًا خَالِصًاوَمَنْ كَانَتْ فِيْهِ خَصْلَةٌ
مِنْهُنَّ كَانَ فِيْهِ شُعْبَةٌ مِنَ النِّفَاقِ حَتَّى يَدَعَهَا اِذَاحَدَثَ
كََذَّبَ وَاِذَاائْتُمِنَ خَانَ وَاِذَاعَهَدَغَـدَرَوَاِذَاخَاصَمَ فَجَرَ,
وَاِنْ صَامَ وَصَلَّى وَزَعَـمَ اَنَّهُ مُسْلِمٌُ. {رواه البخارومسلم}
Aya
opat perkara, sing saha jalma anu kakeunaan ku opat perkara ieu, manēhna geus
jadi jalma munapēk tulen. Atawa sing saha anu kaancikan tina salah sahiji tina
perkara anu opat ēta, manēhna geus aya dina cabang kamunapēkan, nepi ka manēhna
bisa ninggalkeunna. Nyaēta lamun nyarita sok bohong, lamun diamanatan sok
hianat, lamun jangji sok jalir, jeung lamun pasēa sok licik. Kajen teuing
manehna sok shaum, sok sholat, ogē dina dirina ngaku muslim.
Dina
hadits nembē, ku urang tiasa kapaham, yēn alusna ibadah, boh shaum, boh sholat
jeung ibadah-ibadah sējēnna, tiasa ditingali tina buahna, anu bisa katingali
jeung karasa dina nalika geus campur gaul hirup babarengan jeung papada
makhluk. Sok sanajan alus cara sholatna ogē shaumna nurutkeun Kangjeng Nabi
SAW., tur merenah jeung sēhat tempatna, tapi lamun buahna teu katingali ogē teu
karasa ku balarēa, ibadah anu kitu teu kaasup abadah anu hadē. Hiji jalma sok
sanajan getol sholat, getol shaum, jeung dina dirina ngaku muslim, tapi lamun
dina hirup kumbuhna masih resep nipu, ngabobodo, hianat lamun diamantan, jalir
mun jangji, oge licik mun pacēngkadan atawa dina pertandingan, geus pasti jalma
anu kitu mah lain muslim tapi munapēk,
sok sanajan munapēk amali.
Dina
hadits sejen, nu aya pakaitna jeung urusan shaum, Kangjeng Rosululloh SAW.
sasauran :
مَنْ لَمْ يَدَعْ قََوْلَ
الزُّوْرِ وَالْعَمَلَ بِهِ فَلَيْسَ للهِ حَاجَةٌ فِى اَنْ يَّدَعَ طَعَامَهُ وَشَرَبَهُ. {رواه ابن ماجه}
Sing saha jalma anu teu bisa
ngadalikeun dirina tina ngomong jorok jeung cawokah sarta laku lampah gorēng,
nya teu aya kapentingan Alloh pikeun mērē ganjaran ka ēta jalma, sok sanajan
manēhna ninggalkeun dahareun jeung inumeun (shaum).
Hadirin
jamaah ‘Idul Fitri anu mulya!
Pikeun
ngukur bener jeung hapana shaum ogē ibadah-ibadah sējēna nu ku urang dilakonan, tiasa ku urang
diperhatikeun hasilna tina kahirupan urang di masarakat. Margi ibadah anu
disebut ibadah mahdloh, hubungan urang salaku abdi sareng Alloh salaku kholiq.
Anu dicontoan ku Kangjeng Rosul ēta ngandung daya pikeun ngagedurkeun revolusi sosial.
Ngandung kakuatan pikeun ngarobah alam jahiliyah jadi Islam, alam kajumudan
jadi alam kacerdasan, kama’siatan jadi kamaslahatan, kasalahan jadi kasolehan.
Lamun di masarakat urang masih kēnēh ngajungkiring tempat-tampat ma’siat,
tempat ngadu, tempat lacur, pabrik inuman keras, korupsi masih ngahabu,
pembunuhan mungkin maceuh, ēta nētēlakeun yēn buah tina ibadah tēh masih kēnēh
jauh tina anu dipiharep.
Allohu
Akbar (9X) Wa lillahil Hamd!
Hadirin jamaah ‘Idul
Fitri anu mulya!
Husus pikeun ibadah
shaum, Alloh SWT. nguningakeun udaganana nyaēta sangkan jadi jalma-jalma anu airman,
jadi jalma anu takwa, la’allakum tataquun. Mēmang dina bulan Romadlon, suasana
katakwaan katara jeung karasa ku urang sadayana. Jalma nu keur nglaksanakeun
ibadah shaum mampuh nahan dirina tina sagala amal nu diharamkeun ku Alloh SWT.
Sawangsulna maksakeun
diri pikeun ngalakonan sagala rupa nu diparēntahkeun ku Alloh katut Rosul-Na.
masjid-masjid ma’mur, pinuh ku jamaah sholat tarawēh, dina waktu sahur jeung
subuh rēang nu ngaraji al Qur’an tarik tur harus makē lawong, kotak amal pinuh
ku duit tina nu sodakoh jeung infak, artis-artis ogē nurutan mērē ceramah
agama.
Dina radio, tivi padet ku
acara ceramah agama. Ēta kabēh, teu bisa ditampik, ngarupakeung suasana
katakwaan. Tapi suasana katakwaan anu diharepkeun ku Alloh SWT. tangtu ogē lain
ukur sabulan campleng dina bulan Romadlon wungkul, tapi kudu maneuh salilana,
salila urang masih kēnēh hirup di alam dunya.
Hadirin jamaah ‘Idul Fitri anu mulya!
Kaayaan saba’da bulan
Romadlon leuwih solēh jeung leuwih bageur layakna jalma anu tos dilatih
kasolēhan sabulan lamina. Omat ulah aya basa “Jiga kuda bijil ti gedogan”,
tegesna beres puasa kabiasaan gorēng dipaju deui bahkan leuwih meuweuh, kana
ibadah mēlēdrē deui. Sikap kitu tēh teu ngēbrēhkeun kaberhasilan latihan ibadah
jeung latihan takwa dina bulan Romadlon.
Hadirin jamaah ‘Idul
Fitri anu mulya!
Mudah-mudahan saba’da
Bulan Romadlon rēngsē nganteurkeun urang sadaya kana dipaparianan taufik,
hidayah ti Alloh SWT., tiasa ngaronjatkeun kaimanan jeung katakwaan urang
sadaya. Ogē mudah-mudahan urang sadaya kaasup jalma anu bener-bener balik kana
fitrah asli, ngajadi teu biga dosa ka Alloh nu Maha Suci, ka papada jalma,
jeung ka papada makhluk Gusti.
آمِيْنْ
يَارَبَّ الْعَالَمِيْنَ
بَرَكَ
اللهُ لِىْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ
وَالْمُؤْمِنَاتِ اَلاَحْيَاءِمِنْهُمْ وَالاَمْوَاتِ بِرَحْمَتٍكَ يَا اَرْحَمَ
الرَّاحِمِيْن
وَالسَّلآمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ