Sabtu, 25 Februari 2012

ANYAMAN BAMBU



NADHOMAN SUNDA


kkm.gifDO’A BADE NGAOS
RODII TUBILLAAHI ROBBAA
WABILISLAMI DIINAA
WABIMUHAMMADIN
NABIYA WAROSULA
ROBII  ZIDNI ILMA
WARZUKNI FAHMA
WA QOLBAL QOSILA
WA AMALAM MUTAQOBALA
ALLAHUMAFTAHLANA HIKMATAKA
WANGSUR ALAINA ROHMATAKA
YA DZAL JALALI WAL IKROM
DUPI NGANIATAN NGAOS SEEURNA OPAT PERKAWIS
HIJI NIAT KARNA ALLOH NGALAKONAN PARENTAHAN
KADUANA NIAT MICEUN KABODOAN AWAK ABDI
SUPAYA JADI SALAMET SALAMET DUNYA AKHERAT
KATILUNA MUN TOS TIMU NIAT BADE DILAKONAN
DILAKONAN KUSORANGAN SARENG SADAYA RERENCANGAN
KAOPATNA NIAT NGAOS NG HIRUP-HIRUP AGAMI
AGAMINA KANGJENG NABI NABI UTUSAN ILAHI

DO’A BERES NGAOS
ROBING FA’NA BIMA ALLAMTANA
ROBBI ALIMNA ALLADZI YANFA’UNA
ROBBI FAQIHNA WA FAQIH AHLANA
WAQOROBATI LANAA FIDININA
TAWASSALNA BITTA’ALUMIN
TAWASSALNA BITTA’LIMIN
ANGTARZUQOLNA WASI’AH
WA ANGTARZUQOL AMANAH
ABDI TAWASSUL KU PANGAOSAN
ABDI TAWASSUL KU PANGHURUKAN
MUGI GUSTI NGARIZKIAN
KAJEMBARAN KAAMANAN.
MUKSALMINA TAMLIHO’ MARTUNUS NAINUNUS
SARIBUNUS DUNUWANUS PALYASTATIYUNUS QITMIR.
SUBHANAKALLOHUMMA WABIHAMDIKA ASHADU ALLA ILAHA ILLA ANGTA  ASTAGFIRUKA WA ATUBU ILAIKA.

A.  TAUHID
1.     PATOKAN MA’RIFAT
Idrokun zajimun bi haesu layaqo’u
Ma’ahu tarodudun muwafiqun lilwaqi’i
Pamanggih anu zajim nu teu kena owah gingsir
Nu akur jeung buktina anu timbul tina alesan
2.    SEGAT TASDEK 
Roditu billahi robba
Wabil islami diina
Wabimuhammdin nabiya warosula
Wabilqur’ani imama
Wabilmu’minina ihwana
Wabilka’bati qiblata.
3.    SYAHADATAEN
Sahadat dua bagian
Kahiji sahadat syar’an
Kadua sahadat munjin           
Kade kudu telik pisan
Ta’rifna sahadat syar’an
Kadar-kadar nu ngucapkeun
Kalimah sahadataen
Kudu cekel  pertelaan
Halal ditikahkeunana
Ka jalma anu islamna
Jeung halal nampi warisna
Ti jalma anu islamna
4.    SIFAT ANU WAJIB DI ALLOH
Wujud qidam baqo mukholafatu lilhawadisi
Qiyamuhu binafsihi wahdaniyat qudrot irodat
Ilmu hayat sama basor kalam qodiron muridan
Aliman hayan sami’an basiron mutakliman
Aya heubeul langgeung beda jeung sakabeh nu anyar
Jumeneung kalawan dzatna hiji alloh dina dzatna
Hiji na sifatna hiji padamelanana
kawasa kersa Nu uninga nu hirupna
ngadangu ningali Sasauran bukti kawasa
bukti alloh kersa Nu uninga nu hirupna.
Bukti nu ngadangu nu ningali nu ngadawuh
Jadi sadayana anu wajib dua puluh
5.    SIFAT ANU MUSTAHIL DI ALLOH
Adam hudus fana mumasalah lilhawadisi
Ihtiyaz ta’adud ajuz karohah
Jahal maot somam amma abkam ajizan kariha
Jahilan mayyitan asoma amma abkama
Eweuh anyar ruksak sarupa rejeung nu anyar
Butuh kana tempat sareng butuh kanu nganyarkeun
Bingbilangan dzatna sifatna rejeng damelna
Apes kapaksa bodo maot torek lolongna
Pire bukti Alloh anu apes anu kapaksa
Anu bodo maot torek lolong anu pireuna.
6.    SIFAT NU WENANG DI ALLOH
Wenang di allohna midamel barang nu mumkin
Taya anu wajib midamel barang nu mumkin
7.    SIFAT NU WAJIB & MUSTAHIL DI ROSUL
Sidik amanah tablig fatonah
Kidib khiyanat kitman biladah
Bener kapercaya ngadugikeun rejeung pinter
Bohong cidra nyumputkeun tur bodo
8.    SIFAT ANU WENANG DI ROSUL
Wenang di rosulna sifat manusa biasa
Kaya tuang leeut angkat kulem sajabina
Muhammadun basyarun walaisakal basyari
Wa yaqutun hajarun wama siwal hajari
Muhammad teh manusa sanes manusa biasa
Kaya batu inteun yakut manusa batu biasa

B. FIQIH
1.     Rukun wudu aya 6 :
1.    Niat.
نويت وضوء لرفع الحدث الاصغر فرضالله تعالى
“Niat abdi wudu ngahilangkeun hukum hadas alit pardu karena Alloh.
2.    Ngumb
ah Raray.
3.    Ngumbah Dua Panangan nepi kana dua sikuna.
4.    Mgusap sirah.
5.    Ngumbah dua suku nep kana mumuncangan.
6.    Tartib
2.    Do’a Do’a nalika wudhu :
Do’a Ngawasuh panangan :
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِي جَعَلَ اْلمَاءَ طَهُوْرًا
Doá kekemu :
اَللَّهُمَّ اَسْـقِـنِى مِنْ حَوْضِ نَبِيِّكَ مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّم
Doá ngingsrek cai :
اَللَّهُمَّ لاَ تَحْرِمْنِى رَائِحَةَ جَـنَّتِك    
Ngawasuh wajah :
   اَللَّهُمَّ بَيِّضْ وَجْهِى يَوْمَ تَبْيَضُّ وُجُوْهٌ وَتَسْوَدُّ وُجُوْهٌ

Do’a ngawasuh panangan katuhu :
اَللَّهُمَّ اَعْطِنِى كِتاَبِى بِيَمِيْنِى وَحَاسِبْنِى حِسَاباً يَسِيْرًا
Do’a ngawasuh panangan kenca :
اَللَّهُمَّ لاَ تُعْطِنِى كِتاَبِى مِنْ يَساَرِىْ وَ لاَ مِنْ وَرَاءِ ظَهْرِىْ
Do’a ngusap mastaka :
اَللَّهُمَّ حَرِّمْ شَعْرِيْ وَبَشَرِيْ مِنَ النَّارِ
Do’a ngawasuh cepil :
اللَّهُمَّ اجْعَلْنِي مِنَ الَّذِيْنَ يَسْتَمِعُوْنَ اْلقَوْلَ فَيَتَّبِعُوْنَ أَحْسَنَهُ
Do’a ngawasuh sampean :
اَللَّهُمَّ ثَبِّتْ قَدَمَّي عَلَى الصِّرَاطِ
Do’a beres wudhu :

أَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَ أَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَللَّهُمَّ اجْعَلْنِي مِنَ التَّوَّابِيْنَ وَاجْعَلْنِي مِنَ اْلمُتَطَهِّرِيْنَ وَاجْعَلْنِي مِنْ عِبَادِكَ الصَّالِحِيْن

3.    Nu ngabatalkeun kana wudu aya 4 :
1.    Aya anu kaluar tina salah sahiji dua palawangan (ngompol & BAB) salian cai mani.
2.    Lengit akal kusabab sare atawa liana kecuali sarena bari diuk tur teu robah.
3.    Paantel kulit awewe jeung lalaki anu lain mahram tur geus baleg.
4.    Nyabak kubul jeung dubur bangsa manusa ku dampal panangan
4.    Paharaman jalma nu teu boga wudu aya 4:
1.    Sholat.
2.    Towaf.
3.    Nyabak Qur’an.
4.    Mawa Qur’an.
5.    Rukun sholat aya 17 :
1.    Niat
Subuh :
اصلى فرض الصبح ركعتين مستقبل القبلة اداء لله تعالى
“niat abdi solat fardu subuh dua rokaat mayun ka kiblat pardu karena alloh”
Lohor :
اصلى فرض الظهر اربع ركعات مستقبل القبلة اداء لله تعالى
“niat abdi solat fardu lohor opat rokaat mayun ka kiblat pardu karena alloh”
Asar :
اصلى فرض العصر اربع ركعات مستقبل القبلة اداء لله تعالى
“niat abdi solat fardu asar  opat rokaat mayun ka kiblat pardu karena alloh”
Magrib :
اصلى فرض المغرب ثلاث ركعات مستقبل القبلة اداء لله تعالى
“niat abdi solat fardu magrib tilu Rokaat mayun ka kiblat pardu karena alloh”
Isya’ :
اصلى فرض العشاء اربع ركعات مستقبل القبلة اداء لله تعالى
“niat abdi solat fardu isya Opat Rokaat mayun ka kiblat pardu karena alloh”
2.    Takbirotul Ihrom
3.    Nangtung pikeun jalma nu kuat (bisa nangtung).
4.    Maca Fatihah.
5.    Ruku’.
6.    Tumaninah dina ruku’.
7.    I’tidal.
8.    Tumaninah dina i’tidal.
9.    Sujud dua kali.
10.    Tumaninah dina sujud dua kali.
11.    Diuk antara dua sujud.
12.    Tumaninah dina diuk antara dua sujud.
13.    Tasahud Akhir  (tahyat akhir).
14.    Diuk dina tasahud akhir.
15.    Maca shalawat ka kangjeng nabi dina tasahud akhir.
16.    Salam.
17.    Tartib.
6.    Pasunatan Sholat :
1.    Qunut
2.    Tasahud Awal
3.    Tasbih ruku jeung sujud
4.    Takbir intiqol
5.    Doá iftitah
6.    Maca ta’awudz
7.    Maca Amin
8.    Maca surat saba’da fatihah.dll
7.    Sarat sholat aya 8 :
1.    Suci tina hadas ageung jeung hadas alit.
2.    Suci tina najis dina badan, baju, sareng tempat sholat.
3.    Nutupan aurat.
4.    Nyangharep Qiblat.
5.    Asup waktu sholat.
6.    Nyaho kana kana wajibna sholat
7.    Ulah nekadkeun fardu sholat jadi sunat.
8.    Ngajauhan nu ngabatalkeun kana sholat.
8.   Pangbatalan solat aya 14:
1.    Boga hadas
2.    Kaantelan najis
3.    Kabuka aurat.
4.    Ngucap kana dua huruf atawa hiji huruf anu mere faham barina ngahaja.
5.    Migawe nu ngabatalkeun kana puasa bari ngahaja.
6.    Dahar anu loba sok sanajan poho.
7.    Gerak lewih tina tilu kali gerakan sanajan poho.
8.    Ngajleng(lompat) anu tarik.
9.    Nengel anu tarik.
10.    Nambahan rukun bangsa pagawean bari ngahaja.
11.    Miheulaan imam kana dua rukun bangsa pagawean jeung Nyulayaan imam dina dua rukun bangsa pagawean tanpa aya udzur.
12.    Niat megatkeun sholat.
13.    Ngajam (ngamaksud) ngagantungkeun pegatna sholat lamun aya hiji perkara.
14.    Mangmang dina ngabatalkeun sholat.
C.  TAJWID
a)   Hukum nun paeh jeung tanwin
1.     Idzhar
Ari idzhar ceuk lugot nyaeta البيان  hartina kadar-kadar jelas anapon idzhar ceuk istilah nyaeta :
“Ikhroju kulli harfin mimahrojihi”   hartosna ngaluarkeun saban-saban huruf tina mahrojna/tempat kaluarna.
Ari huruf idzhar sadayana aya genep :ح,خ,ع,غ,ه,ء patokan idzhar nyaeta dimana-dimana nun paeh atawa tanwin nyangharepan salah sahiji huruf anu genep, maka macana kudu di eceskeun (idzhar) mahrojna nun paeh sareng tanwin.
Karena ceuk qoidah :
Pal awwalul idharu qoblal ahrupi
Lilhaqqi sittu ruttibat palta’rupi
Kahijina kudu idzhar masing terang
Dina huruf halaq nu genep pek bilang
Hamzun paha’un summa ainun khoun
Muhmalatani summa goinun kho’un
Hamzah jeung ha ain jeung ha’ teu ceuceukan
Tambah dua ho gin pada di ceuceukan.
Conto idzhar :
رسول أمين

سميع عليم

2.    Idgham
Ari idgham ceuk lugat nyaeta : “ " ادخال الشي ء فى الشhartosna ngasupkeun hiji perkara kana perkara sejen
Anapon idghom ceuk istilah nyaeta patepungna huruf anu paeh jeung huruf anu hirup sahingga ngajadi huruf anu d tasdidan sahingga ngajadi huruf anu di tasdidan sarta narima kaluhur letah dina nalika ngucapkeun huruf anu di tasdidan kalayan sakaligus. Huruf idghom sadayana aya 6 anu dikumpulkeun dina lafadz “ير ملون    ي,م,ن,و,ر,ل
Ceuk qoidah :
Wasanni idghomun  bisittatin atat
Pi yarmaluna ingdahum qod sabatat
Kaduana kudu idghom kana genep
Dina lafadz yarmaluna anu tetep
Ø  IDGHAM kabagi 2.
a.    Idgham BiGhunnah
Huruf idghom bigunnah aya opat nyaeta : (ي,م,ن,و) Patokanana :  dimana-mana aya nun paeh atawa tanwin mayuna salah sahijina huruf idghom bigunahanu opat.
idg_maal2Contona:

idg_maal1

b.  idghom bila gunnah
huruf idghom aya 2 (ل,م) patokanana : dimana-mana aya nun paeh atawa tanwin nyahareupan salah sahaiaji huruf dighom bilagunnah anu 2 maka macan kuadu idghom tapi teu make gunnah:
contona:
idg_bila2

idg_bila1

3.  IQLAB
Ari idghom ceuk lugot nyaeta “ تحويل الشيءعن وجهه” hartosna mindahkeun hiji perkara tina jalan aeta perkara. Ari iqlab ceuk istilah nyaeta : ngajadikeun hiji huruf dina tempat anu sejen sarta ngariksa kana gunnah.
Huruf idghom ngan aya hiji nyaeta “ب” patokanana dimana-man nun paeh atawa tanwin nyanghareupan huruf ba’ maka gantikeun nun paeh atawa tanwin kana mim sarta kudu make gunnah.
Contona :
iqlab1  iqlab3

4.    IKHFA'
Ikhfa ceuk lugot nyaeta "الستر" hartosna kadar-kadar nutupan. Anapon ceuk istilah nyaeta : hiji ibarat tinu ngucapkeun huruf anu paaeh tur kosong tina tasdid. Netepan kana sifat antara idzhar jeung idghom sarta ngariksa gunah (ngahiung). Ari huruf ikhfa sadayana aya 15 :
ت,ث,ج,د,ذ,ز,س,ش,ص,ط,ظ,ف,ق,ك
Patokanana : dimana-mana aya nun paeh atawa tanwin nyangharepan salah sahiji huruf ikhfa anu 15 maka macana kudu disamarkeun mahkroj nun paeh atawa tanwina.
Contona :
ikhfa_haq1
ikhfa_haq2
b)  HUKUM MAD
Mad kabagi 2 : Mad tobi’i
Mad far’i

a.    MAD TOBI’I
Patokanana : dimana-mana wau paeh saba’da pees, ya paeh saba’da jeer, alif paeh saba’da jeer. Panjangna 2 harkat.
Contona :
mad_asli6

Rabu, 22 Februari 2012